0
BASA hapé ditutup, haté geus mimiti medenghel. Asa ku taya ombér pisan tuda. Keukeuh wé, carékna kudu téh kudu. Teu bisa ditawar deui.

“Rubrik kriminal hiji deui. Wayahna ngundeur heula,” pokna, cikénéh dina télépon.

Teu kalis ku diasongan alesan rék nebus resép nu mitoha. Da pokna deui, “Pokona kudu!” bari tut telepon ditutup ku manéhna. Kasebelan korlip téh!

Najan bari kutuk gendeng gé, clak harita kénéh kana motor. Tapi basa motor geus dihirupan, bet tuluy ngahuleng. Kudu ka mana heula ieu téh? Da niat mimiti mah apan rék ka rumah sakit. Terus ka kantor, setor berita. Kari-kari ayeuna rencana kudu robah. Bati baluweng sirah.

Sanggeus mikir rada lila, antukna putusan téh angger ka rumah sakit heula. Geus bérés, kakara getting ka kantor pulisi. Ngan kudu ka kantor pulisi mana ieu téh? Ka Polda waé kitu, nanyakeun terusanana kasus nu ngarampog bank kamari? Moal hésé meureun di dinya mah, da aya kawawuhan di Satreskrim; Kang Aip. Tapi kétang, kasus éta mah kapan digarapna ku si Rudi. Ah, kudu ka Polrés ieu mah. Susuganan aya nu rada haneut kénéh. Baé lah, kasus leuleutikan gé, gerentes téh. Jetruk kana gigi hiji, gerung motor maju.

Sapanjang jalan téh pikiran mah teu pararuguh. Cus-cos ka ditu-ka dieu. Jam salapan téh deadline. Ari ayeuna geus nyedek ka magrib. Tilu jam deui. Bisa moal, nya? Mangka sok hésé ari ngaliput di kapulisian mah. Da teu sagawayah pulisi bisa dipénta kateranganana. Biasana mun teu ka kanit, nya ka kasat. Jeung deuih kalan-kalan sok aya nu olo-olo, mumul diwawancara. Paribasa; “nanti ya, nunggu wartawan lainnya. Biar tidak répot memberikan keterangan”. Padahal geus katebak, saenyana mah keur ngarep-ngarep wartawan tivi. Ambéh manéhna midang, katongton ku atasan. Pantes rék kitu téa mah. Heueuh, tuda urusanana jeung naék pangkat.

Sabot ngawawaas wangwangan sorangan, teu karasa geus anjog deui ka parapatan. Téréh nepi.

Heuleut sawatara menit, léok baé ka rumah sakit. Sanggeus markirkeun motor, sup ka apoték, song mikeun resép.

“Antosan nya, Pa,” cék apotéker daréhdéh, bari mikeun kartu antrian. Basa dirérét, nomer genepdalapan.

“Lima dua.” cék sora tina sepéker.

Beu, kaya kieu mah bisa ngajentul jadi arca. Rét kana arloji. Jam satengah tujuh. Teu bisa majar kumaha. Seunggah-seunggah gé gék wé dina korsi.

Sapanjang diuk téh haté mah beuki guligah. Najan satékah polah neger-neger manéh, da sidik gulinggasahan. Teu daék cicing. Meusmeus rét deui, rét deui kana arloji. Haté ngalenyap mun ngadéngé nomer anu disebutan.

“Lima lima.” Cék sora tina sepéker deui.

Euweuh nu nyampeurkeun. Yéh, ka mana atuh? Ngalilakeun pisan!

“Lima lima.” cénah, malikan deui.

Puncengis aya nu datang ti lebah salasar. “Abdi,” pokna bari rurusuhan. Bati gereget. Tuluy dipelong. Lieus wéh kuring ngalieus deui.

Sabot miceun paneuteup, meneran pisan panon eureun lebah mobil Kijang nu ngarandeg hareupeun UGD. Jrut aya nu turun tiluan tina panto tukang. Nu hiji mah disangkéh. Suku kéncana katara lamokot ku getih, dibeungkeut ku perban.

Mimitina mah teu pati dipaliré. Ukur diteuteup wé. Ngan sanggeus supirna meundeutkeun deui panto, laju ngelap beungeutna ku kaosna nu warna beureum, kakara kuring kerung. Atra pisan péstol nogél dina beuteungna, teu disarungan-sarungan acan. Naluri mimiti ungas-ingus. Serseu! Aya naon yeuh?

Jurungkunung nangtung, laju nyampeurkeun ka éta jalma.

“Ti kapulisian mana, Pa?” langsung wé pertanyaan téh notog ka dinya.

Éta serseu téh kerung bari kuraweud haseum.

“Aya naon kitu?” pokna rada teugeug.

“Oh, punten, abdi wartawan.” Pok téh bari némbongkeun kartu pers.

Manéhna kaciri ngagebeg, siga nu reuwas nakeranan. Tuluy melong sakedapan. Paromanana dadak sakala robah.

“Teu nanaon pan pami diliput?” cék kuring deui.

“Oh henteu, teu nanaon.” manéhna buru-buru ngawalon bari seuri.

Lakadalah! Haté teu sirikna surak. Asa mobok manggih gorowong.

“Ti mana, Pa?” Kuring malikan pertanyaan nu tadi.

Manéhna ngahuleng heula. “Ti Polsek Cimenyan,” témbalna.

Leuh geuning jauh, kuring ngagerentes.

“Kapolsekna mana?” kuring deui bari rurat-rérét.

“Oh, teu milu. Keur ka luar kota.”

“Euh…” cék kuring rada dialeukeun. “Tiasa nyungkeun nomer hapéna teu?”

“Duh, teu bisa diganggu. Sok wé lah rék wawancara mah jeung sayah.” manéhna geuwat némpas.

Kuring ngahuleng sakedapan. Hémeng, ieu mah lindeuk geuning. Najan bari haté bungangang gé, teu burung ngarengkog deui. Da apal, lamun ngaliput pulisi mah tong sagawayah téa. Salah-salah bisa jadi urusan. Ras kana pangalaman Kang Asruh, nu kungsi dicarékan béak beresih ku pajabat Polda, pédah nyieun berita teu konfirmasi heula. Ngabirigidig ogé ari inget ka lebah dinyana mah.

“Enyaan moal nanaon ieu téh?” kuring nanya deui.

“Moal, moal. Sok wé lah. Da Kapolsékna gé keur sibuk ieuh.” pokna, ngayakinkeun.

“Biasa kan Pa, tong disebatkeun sumberna?”

“Iyah, iyah. Sok atuh geuwat rék wawancara mah.”

Teu talangké notes jeung pulpén dibijilkeun tina jero tas. Barang rék wawancara pisan, ras inget kana resép.

“Alah, punten, abdi badé ngurus heula resép di apoték. Antosan sakedap nya,” cék kuring. Teu nunggu dimanggakeun, langsung leumpang gagancangan.

“Abdi aya peryogi heula sakedap. Ieu artos resép sareng kartuna.” cék kuring bari masrahkeun kartu antrian jeung duit lima puluh rébu salambar. Sanggeus apotéker unggeuk, geuwat muru deui sumber berita.

Basa disampeurkeun, éta serseu téh katara keur haharéwosan jeung baturna nu duaan. Tuluy manéhna nyampeurkeun deui.

“Kasus naon? Geuning dugi ka tiasa katéwak di dieu?” kuring mimiti wawancara.

“Bandar ganja. Inceran. Kabur ka imah dulurna di Pagarsih. Nya ditéwak di dieu. Tadi isuk-isuk.”

Tuluyna mah ngaguluyur, wawancara saperti biasa. Teu réa nu ditanyakeun téh, ukur dirawélan nu parentingna wungkul. Ingetan téh da beritana gé pondok ieuh. Ukur keur tilu kolomeun.

Bérés wawancara, ka dituna mah ngobrol biasa waé, bari ngadagoan napi bérés dioperasi. Ngan ayeuna mah manéhna bet jadi mindeng ngabetem. Siga nu horéam ngalayanan.

Sanggeus sawatara lila, kurunyung napi téh datang, bari angger leumpangna disangkéh.

“Geuwat atuh leumpangna!” cék sérseu anu nyangkéh di katuhu, nyentak.

Ukur pupuringisan, teu ngawalon nanaon.

Gentak nyokot kaméra tina tas. Sanggeus hurung, cetrék-cetrék baé dipotoan. Manéhna tungkul, teu wanieun tanggah. Bet asa watir nénjona ogé ari geus kitu mah.

“Kumaha? Aya nu rék ditanyakeun deui?” manéhna deui sanggeus ngunggahkeun napi ka jero mobil.

“Cekap. Hatur nuhun.” témbal téh.

“Yah, atuh.” pokna deui bari imut. Tuluy sasalaman.

***

ISUK-ISUK jam dalapan, karék tas mandi pisan. Kring hapé disada. Ditempo nomerna. Kang Aip. Tara-tara ti sasari.

“Halow, jeung Cécép?”

“Muhun, aya naon, Kang?”

“Berita halaman duawelas meunang manéh?!” sorana ngadadak jadi tarik.

Gebeg kuring ngagebeg. Bulu punduk tingsariak, sur-ser teu genah rarasaan. Boa-boa?

“Nu mana, Kang?” cék kuring, sanggeusna ngahuleng sakedapan.

“Berita bandar ganja!” angger tarik.

Kuring beuki ngagebeg. “Muhun. Ku naon kitu?”

“Potona aya kénéh di manéh?!”

“Aya.”

“Dijital?!”

“Muhun.”

“Sabaraha hiji?!”

“Tujuh pami teu lepat mah.”

“Geuwat bawa file-na ka kantor Akang! Ayeuna pisan!” pokna tatag.

“Kéla Kang. Aya naon?”

“Geuwat wé bawa! Ké diterangkeunana mah di dieu!” Tut ditutup.

Rey késang bijil kana tarang. Gék diuk dina korsi, ngumpulkeun heula pangacian. Dihin pinasti, ayeuna meureun kuring kudu urusan gara-gara berita téh.

Teu lila hapé disada deui. Aya SMS asup. Bray dibuka. Ti Kang Asruh. Terus dibaca; “Cep, bieu aya telepon ka kantor. Ti Polda, nanyakeun ilaing. Kadé euy babacaan heula, hé hé hé…”

Boro-boro hayang malesan. Nu puguh mah asa hayang sahing-hingeun ceurik.

Kuring geuwat dangdan. Geus bérés, koréléng ka tukang. Nyokot motor, laju dihirupan. Dius wéh indit, bari haté ratug tutunggulan.

Heuleut satengah jam, geus nepi deui. Réngsé markirkeun motor, bus ka jero kantor Polda, laju naék ka lanté dua. Sapanjang leumpang muru rohangan Satreskrim téh, tuur mah geus miheulaan nyorodcod, asa rék coplok. Leungeun ngageter waktu ngetrok panto nu geus ngeblak muka. Bréh, di jero téh geus aya pulisi tiluan, kaopat Kang Aip. Sup asup, laju hiji-hiji disalaman.

“Tah, diuk.” omong pulisi nu rada kolot, bari mikeun korsi. Kabaca ngaranna dina dadana: Kombes Drs. Edi Murbianto. Beu, atuh ieu mah Direktur Reskrim, nu sering muncul dina media!

“Jam sabaraha panggih jeung jelema ieu téh?” Kombes langsung nanya, bari nunjuk kana poto jelema dibaju beureum, nu aya dina koran. Panonna neuteup seukeut. Nu séjén mah jempé bari melongkeun. Puguh wé dikitukeun téh kuring tambah tagiwur.

“Kamari, kinten-kinten tabuh tujuh.” Jawab téh rada ngageter.

“Peuting?”

“Muhun.”

“Aya sabaraha urang kabéhanana?”

“Opatan.”

“Wawancara jeung nu mana waé?”

“Sareng éta wé, nu diacuk beureum.”

“Ngobrol naon waé?”

Barabat kuring nyaritakeun kajadian poé kamari, ti mimiti panggih nepi ka naon nu diobrolkeunana.

“Mawa péstol, nyah?” pokna deui, sanggeus kuring réngsé nyarita.

“Muhun.” témbal téh, pondok.

“Aéh, mana file poto téh?”

Leungeun ngodok saku jékét. Song flashdisk téh dibikeun ka Kang Aip. Sanggeus dicolokeun kana komputer, bréh baé hasil meunang motoan téh dibukaan ku manéhna. Ditempoan hiji-hiji, imeut pisan. Sakedapan mah taya nu nyoara. Kabéh nénjo kana monitor.

“Euh, plat nomerna mah teu kapoto geuning.” omong Kang Aip.

Kuring teu ngajawab.

“Sugan inget kénéh?” pokna deui, ngalieuk.

“Henteu, Kang.”

Sabot kitu, torojol aya deui pulisi nu datang bari haruhah-haréhoh.

“Kumaha?” tanya Kombes ka éta pulisi nu kakara datang.

“Leres, Pa. Aya catetan berobatna gé.”

Kombes ngalieuk ka Kang Aip. “Manéh mah di dieu heula wé. Téangan deui inpo nu parentingna.” Geus ngomong kitu, léos kaluar ti rohangan, dituturkeun ku nu séjénna. Kari kuring duaan jeung Kang Aip.

Nénjo arindit kitu mah, kuring melengek. Hémeng, ari sugan téh rék tuluy ngarentog. Bari baluas kénéh, kuring ngusap beungeut, nyieuhkeun sésa-sésa kareuwas.

“Kang, aya naon ieu téh?” kuring nanya ka Kang Aip, nu keur anteng kénéh nempoan poto dina komputer.

Manéhna ngalieuk, tuluy neuteup anteb. “Nu diliput ku manéh téh buronan. Rampog Bank Putera téa.”

Kuring méh-méhan luncat tina korsi. Panon buncelik, bari baham calangap. Ingetan asa dicentok dibawa kana headline koran poé kamari: Sindikat perampok bank digrebek, dua tertangkap.

“Hah?! Rampog?! Lain sérseu?!”

“Sérseu, sérseu tujuhpuluh! Untung manéh hirup kénéh gé!” pokna bari cengkat, tuluy kaluar, ninggalkeun kuring nu olohok mata simeuteun.

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top