0
Poe eta kuring dihudangkeun ku alarm nu geus biasa distel jam lima, tapi da kukuring téh kalah dipareuman, niatnamah ke sare heula sapuluh menit deui da teu kuat tunduh pisan, da bongan sapeuting lalajo film the davinci Code nepi ka jam hiji peuting. baruk geus jam satengah tujuh geuning, ny kuring téh tibuburanyat turun tina kasur, langsung lumpat ka cai.

Mandi...entong...mandi...entong, ah keun w teu mandi ge da teu bau, kuringmah teu ngadahdir, disileup ku minyak seungit sanex ge moal kapangih hehe.

Nya langsung kuring téh make baju sakola bari rurusuhan, disapatu nepi ka tibalik, nya atuh jadi beuki lila, ari niat hayang tereh hiks. Bari lulumpatan kajalan kuring nunungguan angkot ngaliwat, duh dasar nasib, angkot téh pararinuh lila nungguan.

Duh gusti jajantung kuring geus rek coplok rarasaeun téh, da sieun di strap komo deuih ayeuna poe senen upacara, biasana hukuman jadi dua kali lipet da teu miluan upacara bendera.

Tah nepi oge geuning neupi ka gerbang sakola sanggeus tibabaranting, beu beuki w ngadegdeg, kuring ngecek jam sieun ngaco, naha nya jam satengah dalapan meni sarepi lapang téh, biasana sasepi sepina sakola da sok aya sora barudak nu garelo cilingcingcat ka kantin.

Kuring luak lieuk, aripekteh aya nu noel lalaki ti tukang, si pandi babaturan sakelas kuring tapi manehna anak pasapon, jadi cicingnateh disakola.

Wi ari maneh keur naon?
Nya rek sakola atuh!
naha maneh teu make baju saragam?

Si pandi batan ngajawab kalah nyakakak sorangan bari ngomong "pan...pan...pan atuh ayeunamah libur dua poe, matakna mun aya pengumuman téh heug didenge!"

Baruk! duh gusting kuring leumpang ngahulek, balik deui ka imah asa beureum bengeut, nya atuh kuring téh ulin ka imah si Linda da rek nyarekan teu ngabejaan kuring.

Baruk deui! si Linda kalah milu nyeungseurikeun bari nyalahkeun kuring, da teu bisa ngabejaan, puguh w da HPna ku kuring teu diaktifkeun! halah gustiiii!!!

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top