Di mumunggang ieu hate kuring pernah rajet,,,
Di jejewet ku salaksa ucap anjeun,,,,
Di kubek ku golontorna sumpah kolot anjen..
Di mumunggang ieu kuring kedal janji
Rek malikeun ucap anjeun
Rek malikeun sumpah kolot anjeun
Rumasa kuring lalaki teu boga
Rumasa kuring lalaki teu daya
Tapi,,,
Kuring lalaki anu moal sulaya
Kiwari,,,,,
Kuring nangtung di ieu mumunggang
Niginan janji anu kalampah
Di mumunggang ieu kuring ningali anjeun
Nyangsaya,,, teu kuat nyanghareupan dunya
Lumengis bari minangsaraya
Hampura......
Rajetna hate can ka kaput..
Lain rek balas dendam
Tapi...
Nyerina hate teu silih ku junti
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar