0
Aya kereteg kangen nu geus napelkeun ieu ramo kana runtuyan huruf dina keyboard. Sugan baé ieu seratan bisa népakeun kasadaran ka kuring jeung anjeun, upama rasa lain ukur urang nu boga sarta kageugeut henteu salawasna kedah dilakonan babarengan. Pamugi, paaduna imut henteu nyésakeun céda nu matak tibelat.

Naon atuh hartina kapengkuhan, mun urang angger nganjang ka bulan Kahani, hiji bulan anu ngan urang wungkul nu terang. Di bulan Kahani, urang sok padungdengan ngeunaan hirup, ngeunaan jodo, ngeunaan pati, ngeunaan harepan-harepan urang. Di bulan Kahani, urang kungsi leumpang bareng dibarung pabeulit réma. Di bulan Kahani, urang kungsi mapay jalan simpé, diguyur hujan silantang, dicaangan kiceup béntang. Émut kénéh panginten, basa urang ngadon tumpak méga nu muih ngurilingan wiati. Ah, mun ditataan mah kalahka matak baluas kuring jeung anjeun, sabab dina beungeut-beungeut lembur, dina pipir-pipir peuting, horéng geus raca ku tapak-tapak lalakon urang. Mun kitu mah urang téh geus nyidraan kayid. Mun urang nyebut panineungan téh hiji kaéndahan, saéstuna mah ukur cutatan catetan dosa. Sanajan urang gé pamohalan milampah nu henteu dipalar, sabab urang masih kénéh engeuh na mangsa paduduaan téh Manten-Na mah nalingakeun.

Kecap paturay téh sigana leuwih pantes keur urang mah. Angot basa hiji peuting anjeun ngirim runtuyan huruf, yén geus aya béntang séjén nu sarua keur nyileuk tur boga niat marengan anjeun. Tangtu kuring bungah ngadéngéna (bari jeung rada sad), komo basa anjeun méré iber, ceunah anjeun ogé nuju kingkin. Tangtu kuring ngadunga sangkan anjeun panggih jeung harepan, jeung béntang nyileuk anu cenah rék nyaah ka anjeun.

Ti ngawitan ayeuna, sumangga geura tampi deui kecap-kecap anjeun anu kungsi dipasrahkeun ka kuring: I Love Thee, Miss You Forever Honey, abdi nyaah pisan ka Akang, sareng nu sanésna. Sumangga geura pasrahkeun ka anjeunna, sabab saéstuna kuring henteu boga hak pikeun nampi éta kecap. Atuh upama téa mah aya kecap kuring nu masih kénéh nyésa di anjeun, teu langkung badé dikumahakeun, badé dibeureum badé dihideung, nyanggakeun. Ngan ari saéna mah dikurebkeun baé, ngarah henteu nguniang deui.

Lalakon téh cutatan hirup, ari nu ngaranna hirup apan aya réngsénana. Pamugi, harepan-harepan anjeun anu kungsi dikedalkeun ka kuring, baris kapendak jeung anjeunna.

Bisa jadi, hiji mangsa, dina lalakon nu béda, urang baris patepung deui. Tapi ayeuna mah mending paturay heula baé, bari nungguan kapalér. Atawa hiji mangsa, kuring jeung béntang nyileuk baris nganjang deui ka talaga, kitu deui anjeun jeung anjeunna. Tangtu urang baris kéom. Atawa boa terus néangan deui cisoca nu kungsi ngeclak harita, sugan masih kénéh namper dina dasar talaga.

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top