Tembang Sunda nu kapungkur sok disebat Cianjuran, mangrupi kasenian klasik Sunda anu henteu luntur ku usum henteu laas ku jaman. Kawitna Tembang Sunda teh mung kalangenan para santana di kabupaten sareng lingkungan anu tinangtos bae, nanging ayeuna mah parantos prah di mana-mana. Pakempelan Tembang Sunda dugdeg, meh diunggal Kabupaten aya.
Laras anu dianggo dina Tembang Sunda aya Pelog, Sorog, Salendro sareng Mandalung. Dina Laras Pelog aya wanda Papantunan, Rarancagan, Jejemplangan, Dedegungan. Aya oge nu disebat lagu Panambih, jaman kapungkur mah disebatna teh lagu ekstra.
Ayeuna kasanggakeun rumpaka-rumpaka tembang Sunda Cianjuran, sumberna dibantun tina rupi-rupi buku sapertos buku Kempelan Tembang Sunda nu disusun ku Sdrk. Sobirin, Tuti Karman, R. Atje Hasan Sueb, Asep Kosasih BA, sste.
UDAN MAS
Lagu/rumpaka: N.N
Kukupu tilu kalawu,
harimumu hideung deui,
cat mancat ka bale pulang,
ngait mayang ku kareumbi,
badoang manuk ku kareumbi,
badoang manuk badoang,
eunteup dina paku haji.
Jung nangtung asa lalanjung,
gek diuk asa tiguling,
leumpang asa ngalongkewang,
pipikiran selang seling,
sukma na manglayang-layang,
tayoh aya nu di lingling.
Gulampo ngambang di sumur,
hanjakal keur gede cai
pisin pabaur jadi kitri,
tangkal jeruk parungpungan,
dianggo nyayang japati.
KALELEBAN
Lagu/rumpaka: M. Engkos
Kaleleban ku impian,
impian jirim teu bukti,
nu puguh ukur lamunan,
ngalamun nu lain-lain,
mun pikieueun diri,
kaduhung saumur-umur,
mun rek kieu temahna,
gering ati ngajangjawing,
mun kembang mah layu taya kahegaran.
Caang bulan tigas layang,
katinggal ti Pulo Rakit,
aduh Gusti pileuleuyan,
samar yasa tepang deui,
sasarengan sareng abdi,
jalaran tos seep waktu,
nu puguh abdi nyorangan,
gering ati balas mikir,
ngalanglayung palangsiang kaleleban.
SUNGKAWA
Lagu/rumpaka: Bu Saodah H.
Kasorotan sinar layung,
ombakna ngan ukur usik,
sok inggis ngabaribinan,
dumeh alam sepi tingtrim,
rupi nandangan sungkawa,
sungkawa mayunan jangji.
Titih rintih bangun alum,
isin ku jemplingna peuting,
ninggal bentang ririungan,
tingkariceup tingkaretip,
baranang di awang-awang,
lir badami waktos jempling.
Ka saha nya sumalindung,
geusan nitipkeun nya diri,
pigeusaneun kumawula,
najan nanya kana diri,
ka saha atuh nya muntang,
teu weleh henteu kapikir.
SULAYA
Lagu/rumpaka: Mang Tarya
Teu disangka ti memehna,
pasini geuning bet jalir,
alus basa pupulasan,
basana pinuh mamanis,
horeng basa keur meupeurih,
teu nyana dunungan palsu,
boro mah abdi percaya,
ningal adeg sareng rupi,
buktosna mah dunungan geuning sulaya.
Mun nyana pikieueun mah,
diri kedah dipeupeurih,
disiksa di kaya-kaya,
keur naon atuh pasini,
asana ka-teuteu ari,
nu puguh ngan wungkul saur,
padahal ceuk emutan mah,
teu kedah rempan rarisi,
balakakeun sing nyata satarabasna.
PASINI
Lagu/rumpaka: Mang Uking S.
Pasini teh ulah jalir,
sangkan henteu jadi rempan,
pigeusaneun ngalalakon,
lalakon dina impian,
impen jadi kawajiban,
kawajiban anu tangtu,
dina keur alam ngumbara.
Pasini anyar pinanggih,
rek miasih salawasna,
micinta hamo rek poho,
ti dunya tug ka aherat,
hanjakal ku gogoda,
rumasa diri teu pengkuh,
bonganna waleh sorangan.
UDAN IRIS
Lagu/Rumpaka: N.N
Balingbing wadahna piring,
amis lamun digulaan,
dikeureut ku peso gede,
hanjakal campur paria,
hese dipilihanana,
didaharna matak lanjung,
lanjung ku rasana eta.
Kembang puring jeung malati,
kembang kudu jeung dahlia,
dijalujur beulit kanteh,
disoeh saperti mayang,
diuntun sapanjang jalan,
nalian kembang ku buuk,
dahan saga di tutuhan.
Angin leutik ngahiliwir,
nebak kana dangdaunan,
leler lir nu ngaharewos,
nu matak rusras kagagas,
emut ka nu enggeus lawas,
teu melang ka nu dikantun,
iklas teu aya rasrasan.
KAPATI-PATI
Lagu/Rumpaka: N.N
Hayang ceurik jejeritan,
ngajerit maratan langit,
cua ku lampah sorangan,
sok hayang nu lain tanding,
sakapeung abdi sok mikir,
hayang gaduh elmu ngapung,
si pengkuh tangtuna tiwas,
dijingjing diguwang-gawing,
rek di teundeun dina mega pangluhurna.
Teu sangka jiwa teu sangka,
bakal pinanggih kanyeri,
boro abdi seseepan,
babakti satia ati,
bawaning hoyong katampi,
dianggo panglipur kalbu,
reh parantos kanyataan,
mikawelas mikaasih
sihoreng teh henteu terus sareng manah.
ASMARANDANA
Lagu/Rumpaka: N.N
Satulung raheut ku hinis,
ngan ukur seseresetan,
da abdi mah raheut hate,
ampun dugi kawalahan,
upami teu pageuh muntang,
neda pitulung Yang Agung,
tangtos kana bibilasan.
Najan ceurik da geus takdir,
najan aral da geus kadar,
rek cerewed da papasten,
henteu beunang dihalangan,
sanajan meuntas lautan,
anging lamun nyukcruk hirup,
nyasaran lampah sorangan.
Tinumpang sekar malati,
malati sekar kedanan,
kedanan jeung kembang tongkeng,
tongkeng campaka ermawar,
ermawar pacar cina,
pacar cina kembang tanjung,
tanjung jeung campaka bodas.
NANDASA
Lagu/Rumpaka: Mang Engkos
Miripis hujan girimis,
ninggang kana dangdaunan,
kararas patingkeresek,
umpalan cai walungan,
garunggang pegat talina,
ngalun kabawa alun,
notog sasak peupeuntasan.
Inggis batan maut hinis,
rempan lain meumeueusan,
rek waleh samar koleseh,
taya geusan pamuntangan,
tinimbang kieu jadina,
aduh tobat abdi ampun,
samar-samar bibilasan.
PAMEKARAN
Lagu/Rumpaka: Uking S.
Pamekaran jadi bukti,
teu sulaya ti nyatana,
nyatana ngajadi ajen,
jadi ajen balarea,
daya seni tembang Sunda,
seni waris ti karuhun,
karuhun Sunda jatnika.
PANCANITI (DANGDANG GULA)
Lagu/Rumpaka: Dalem Pancaniti Cianjur
Pajajaran tilas Siliwangi,
wawangina kasilih jenengan,
kiwari dayeuhna Bogor,
Batutulis nu kantun,
kantun liwung jaradi pikir,
mikir tulisanana,
henteu surud liwung,
teuteuleuman kokojayan,
di Ciliwung nunjang ngidul Siliwangi,
nuus di Pamoyanan.
Reg ngarandeg lebah Gunung Putri,
Lemah Duhur dayeuh Pancatengah,
direret ngabengbreng koneng,
Gunung Cupu ngariung,
siga anu keur badami,
Karawang Sagalaherang,
molongpong ka Bandung,
Burangrang nu ngarangrangan,
parahuna nangkub dugi ka kiwari,
teu jadi lalayaran.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar