0

Dahan-dahan tangkal jadi geus ngarangrangan 
Panas mentrang-mentring asa ngulub ubun ubun 
Tapi da teu pira keur kuring 
Mun dibanding jeung rasa sono na jero dada 

Peuting eta, dua rasa téh geuning papada sarua 
Ku bagja aya carita balaka ngalegaan dunya 
Najan hate nyeah panas tiris, kesang ngurubuy 
Kubungah ngadangu sora nu bareung ku imut 
Ahhh... 

Wanci nu ngan genep puluh menit téh 
Geuning sakeudap neng 
Paturay tineung heula urang teraskeun dina impenan 
Keun enjing carita disambung deui

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top