Aya profesor duaan keur ngalobrol di peron. Bubuhan jeung anu saprofesi, uplek pisan ngobrol na teh, tepi ka teu kanyahoan kareta api tereh indit.
“Itu, kareta geus maju!” ceuk anu saurang.
Deregdeg lalumpatan, ngudag kareta anu geus maju lalaunan. Anu saurang bisaeun keneh naek, tapi anu saurang deui tinggaleun, da kurang kesit luncatna kana bordes.
Demi anu tinggaleun tea, gawena teh ngan ngahuleng wae, bangun kacida bingungna. Gancang wae disampeurkeun ku pagawe setatsion.
“Teu kedah bingung teuing, Bapa, pan sajam deui oge bakal aya kareta anu mios ti dieu, kalawan tujuanana sami sareng kareta anu nembe,” ceuk pagawe setatsion.
“Anu dipake bingung ku Bapa mah eta, da Bapa anu rek nyabana. Sedeng babaturan Bapa mah ukur nganteur ka setatsion,” tembalna.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar