0

SORBAN PALID

Akang haji sorban palid
Palidna ka cikapundung
Akang haji kunaon balik
Akang haji ulah waka pundung
Akang haji sorban palid
Palidna ka cikamiri
Akang haji kunaon balik
Bongan bae di nyenyeri
Cai mulang cai malik
Cai ngocong ka astana
Bingung mulang bingung balik
Kamelang kieu rasana
Cimulang cipangayaman
Cimanuk marigi deui
Rek mulang kamemelangan
Sok inggis teu tepang deui
Akang haji sorban palid
Palidna ka wanayasa
Akang haji kunaon balik
Kang haji meureun katideresa

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top