- Ancad laer : ngomongna anca pisan
- Cental, pacental-cental : pasea, parea-rea omong
- Eur-eur/garap : kabiasaan ngomong nu harese rek pok/ngomong arap-apareup-eup
- Galantang, ngagalantang : nyarita atawa pidato panjang tur tatag
- Galecok/garecok : nyarita (kalawan gumbira) teu eureun-eureun
- Garihal : omongan kasar matak nyentug kana ati
- Gebah, ngagebah : ngomong tarik (biasana nyumput heula) sangkan batur reuwaseun
- Gebes, ngagebes : nyentak, ngahuit
- Gedebul : rahul, gede omong, gede bohong
- Gelendeng, ngagelendeng : ngomongan jalma (nu boga kasalahan), mapatahan, biasana paduduaan
- Gelendut, ngagelendut : nyarita panjang (lila) bari mapatahan ku lemah lembut
- Gentem : omongan semu agem
- Gentra, ngagentraan : nyalukan, ngageroan
- Gerentes, ngagerentes : ngomong di jero hate
- Gereyem, ngagereyem : ngomong laun ukur kadenge ku sorangan
- Gero, ngagero : nyorowok, ngaluarkeun sora tarik lantaran aya kareuwas atawa aya bahaya; ngageroan = nyalukan
- Gonjak, ngagonjak : ngaheureuyan ku omongan (biasana tina hal pikaseurieun)
- Gorocok : beuki ngomong; ngagorocok = ngomong rusuh
- Gundam, ngalindur : ngomong kalawan teu sadar (biasana keur sare)
- Gunem catur : ngawangkong, cacarita leuwih ti saurang
- Guntreng : cacarita lila duaan, sorana lalaunan
- Harewos, ngaharewos : nyarita laun pisan ditompokeun kana ceuli batur sangkan ulah kadenge ku nu lian
- Harewos bojong : caritaan nu diharewoskeun tapi kadenge ku batur
- Hariweuseus : haliwu, nyarita bari rada gugup (lantaran manggih kareuwas, jeung saterusna)
- Haroshos : omongan anu meh kadenge (sora jalma nu geus kurang napas)
- Harung gampung : sompral, ngomong sangeunahna
- Handap lanyap : omongan lemes tapi eusina ngahina
- Hoghag : parea-rea omong sarta patarik-tarik sorana (biasana nu pasea atawa nu parebut bebenaran)
- Humandeuar : ngomong (bari rumahuh), ngedalkeun kasusah, kahoream, jeung sajaba ti eta. (biasana jalma nu ngarasula)
- Jejebris : ngedalkeun kecap-kecap kateupanuju bari goring budi, ambek jeung sajabana
- Kah : jawaban awewe mun dicalukan
- Kecewis, ngecewis : ngecebrek, ngomong teu eureun-eureun
- Koceak, ngoceak : ngajerit, ngaluarkeun sora tarik lantaran manggih kasieun jeung sajabana
- Kukulutus : gegelendeng, ngomong sorangan (bari ambek)
- Kulan : jawaban lalaki, mun dicalukan
- Kunyam-kunyem : ngomong laun pisan, biwir ukur nguntab
- Sosoak : ngomong tarik bari ambek
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar