0

SESEBUTAN WAKTU DINA SAPOE SAPEUTING
  • Wanci janari gede : kira-kira tabuh 01.00 - 03.00 peuting
  • Wanci janari leutik : kira-kira tabuh 03.30 - 04.30
  • Wanci balebat : waktu pajar geus udat-udat (sinar panon poe) beulah wetan ( ± tabuh 04.30)
  • Wanci carangcang tihang : wanci liwat pajar, tetenjoan remeng-remeng keneh (± 04.30 - 05.00)
  • Wanci haneut moyan : waktu sedeng ngeunah dipake moyan (± tabuh 07.00 - 08.30)
  • Wanci rumangsang : waktu panon poe geus mimiti karasa panas (± tabuh 09.00)
  • Wanci pecat sawed : waktu munding anu dipake magawe dilaan sawedna (± tabuh 10.00)
  • Wanci manceran/lohor : waktu panon poe luhureun sirah, tengah poe (± tabuh 12.00)
  • Wanci lingsir ngulon : waktu panon poe geus mimiti ngeser ka kulon (±tabuh 13.00)
  • Wanci panon poe satangtung : ± tabuh 15.00
  • Wanci tunggang gunung : waktu panon poe geus rek surup, ayana dina luhureun gunung (± tabuh 16.00 - 17.00)
  • Wanci sariak layung : waktu layung ( sinar panon poe) di langit katenjo beureum. (± tabuh 17.00 - 18.00)
  • Wanci sareupna : geus mimiti reup poek (± tabuh 18.30)
  • Wanci sareureuh budak : waktu budak leutik geus mimit carapeeun tas hareureuy jeung dulurna (± tabuh 20.00)
  • Wanci tengah peuting : ± tabuh 24.00
SESEBUTAN WAKTU SEJENNA
  • Sakedet netra : (asalna sakedep netra), kedep = kiceup, jadi sakedet netra hartina sakiceup, nuduhkeun waktu anu sakeudeung pisan
  • Sakilat : nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan, meh saharti jeung sakiceup, diupamakeun kana (lilana) kilat nu ngaburinyay
  • Sapanyeupahan : nuduhkeun waktu anu sababaraha lilana jeung anu keur nyeupah
  • Sapangejoan : nuduhkeun waktu anu rada lila, kira-kira sarua jeung keur ngejo (nyangu)
  • Saumur jagong : kira-kira tilu bulan satengah (90 poe)
  • Sataun landung : sataun leuwih
  • Sawindu : dalapan taun
  • Saabad : saratus taun
SESEBUTAN WAKTU SEJENNA DEUI
  • Poe ieu disebut ayeuna
  • Poe nu geus kaliwat sapoe disebut kamari
  • Poe sanggeus kamari disebut mangkukna
  • Sapoe nu bakal datang disebut isukan
  • Sapoe sanggeus isukan disebut pageto
  • Sabada pageto disebut pageto amat
  • Waktu nu cikeneh karandapan disebut bieu
  • Waktu nu rada lila kaliwat disebut tadi
  • Waktu nu geus lila kaliwat disebut bareto
  • Waktu beh ditueun bareto disebut baheula
  • Waktu nu sakeudeung deui deui bakal karandapan disebut engke
  • Waktu nu bakal datang (lila keneh) disebut jaga, isuk jaganing pageto

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top