0
Kusir: “Jang, mihape kuda sakeudeung. Emang rek ka cai heula.”

Budak: “Ah alim, sieun nyongot.”

Kusir: “Moal, da ieu mah kudana oge bageur.”

Budak: “Sieun nyepak atuh.”

Kusir: “Tara deuih. Kuda bageur.”

Budak: “Moal ah, sieun kabur.”

Kusir: “Ih, Si Ujang mah. Moal kabur, moal. Ceuk Emang oge, kuda bageur.”

Budak: “Ari kitu mah, naha atuh miwarang di tungguan ku abdi?”

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top