Lantaran lapar, bus wae Asep Dodoy asup ka jongko tukang sate.
“Pang meuleumkeun sapuluh!” pokna bari gek diuk.
Sabot sate di beuleum, haseupna mani meleber, kaambeu seungit. Ngadadak rasa lapar leungit.
“Mang moal tulus meuli satena oge, da geuning ku ngambeu seungitna oge geus seubeuh,” pok na bari rek ngaleos.
“Ih, ke heula. Bayar heula atuh,” ceuk tukang sate.
“Enya, pan seungitna geus ka seuseup. Jadi angger we kudu mayar.”
“Heug atuh,” omong Asep Dodoy bari ngodok saku. Manehna nyokot duit kencring sababaraha siki, terus diburulukeun kana piring kosong. Atuh puguh wae sorana teh meni gandeng. “Tah, dibayar ku sorana!” ceuk manehna bari ngasupkeun deui duit kana jero sakuna.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar