Si Ona lapor ka pulisi, dumeh peuting tadi tokona aya anu ngabongkar. Eusina kabeh dikerid ku garong anu cenah, jumlahna lobaan.
“Si Engkoh ditaliang, Si Otong diwologod,” pak na bari pepeta. Maksud na mah, salakina ditalian, sarta anakna di borogod ku garong.
“Ari Ona dikumahakeun ?” pulisi nanya.
Si Ona kalah Ngabigeu bari alumna-alimen.
“Si Engkoh ditaliang, Si Otong di wologod…”
“Enya, eta mah pan Si Engkoh jeung Si Otong. Ieu mah Ona, dikumahakeun?”
“Ah, embung, ela…,” tembalna.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar