0
  • Tah nya ieu nu tumiba ka unggal manusa. Baktikeun diri, nyawa, pangabisa guna karahayuan dunya.
  • Tegesna kasajatian dina saban mangsa teu aya kendatna muji jeung napakuran sugrining kereteg ati nu aya di unggal mahlukna malar pinanggih jeung mulyaning hirup.
  • Sawidak sawindu satangkaraking jagat pada nunuhun, pada neneda kana kamulyaan; saperti luluhur kaula nu mashur Sang Raja Siliwangi, nu ditasbihkeun dina bulan caang. Para dewata amumuga sinaksenan Batara Kala, Prabu Mundingkawati, Purana.
  • Walagri sagara, rahayu rumaksanan jagat. Gaweaneun nu pandeuri, satata, sawawa. Wawayangan rame. Saperti luluhur nu aragung, nu migawe gunawijaksana, Wastukancana, Prabu Dewata, magaweanana dunya ieu.
  • Om, muga rahayu, sugri nu mikadeudeuh ka inyana. Poe caang reungeu terang.
  • Om. Sigeug, nya kula dina waktu wuku, idin Batara Kala. Kungsi mimiti miang ka dieu heula, nya eta maca ieu titinggal uyut buhun kula.
  • Pek hanjat ti Cimawati, mawat diri kana pakemitan. Jog ka lebak Tenjolaya nenjo kadaton nu kari tapakna sabab harita oge geus kari ngaran Pajajaran teh. Jol ka Gunung Emas, di dinya melakkeun pangawasaan. Sarta kula kedal lisan: “Kula gelar di Buana Pancatengah tadah parentah Sang Tunggal, nyieun tunggul ciri nagri dayeuhna Pajajaran di Galuh Pakuan”.
  • Sugrining nu mapay tapak bari tumamprak, pinasti bisa nyieun tunggul ciri diri, nagara Pajajaran anyar, dayeuh di iuh-iuhna.
  • Andika sarerea, nu sapamadegan, nu ngajurung laku, nu ngajurung maksud, kabeh keur lumaku muru lacak nu jadi luluhur karuhun. Engke di seuweu tunggal, Kalapa Tunggal, aya wangsit ti Kangjeng Prabu, usiking jatikusumah. Muga Kula, ceuk buku nu nyebut Bujanggamanik. Ceuk carita baheula Manikmaya. Ceuk ayeuna Jalan Uga. Ceuk jaga nu lumaku Patarema Cipta, Rasa, Karsa. Prung da teu putus ku teu panggih.
Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top