0
Teuing poho, teuing rusuh, anu jelas mah sabalikna ti WC, calana Bapa Direktur teu diseletingkeun. Kabeneran katenjoeun ku sekretarisna. Tapi lamun langsung dibejaan, sieun dunungan nana kaisinan. Untung wae manggih akal. Dibejaanana ku cara dibalibirkeun.

“Bapa, eta panto garasi muka,” pokna.

“Ah, ceuk saha? Ti tatadi oge panto garasi mah geus ditutupkeun,” walon dununganana. Manehna teu ngartieun kana maksud ucapan sekretarisna.

Waktu balik ka imah, calana anu can diseletingkeun deui teh katenjoeun ku pamajikanana.

“Bapa, naha eta teu karaos lancingan teu acan di seletingkeun?”

“Aeh, heueuh geuning,” tembalna. Ras wae inget, tangtu tadi sekretarisna nyebutkeun panto garasi muka teh kana seleting calana maksudna mah.

Isukna, buru-buru bapak Direktur ngageroan sekretarisna.

Pokna, “Lain, Eneng, basa kamari panto garasi muka teh, Eneng ninggal Volvo henteu?”

“Ah, henteu,” tembal sekretarisna. “ninggal oge bemo.”

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top