0
Geus dua minggu Gan Reza ditinggalkeun nyaba ku bojona, atuh upama hayang barangtuang kedah ku nyalira, mangkaning karesepna kana empal, kana karesep tea teu bisa disisilihan, sanajan teu biasa masak Gan reza maksakeun. Kabeneran kana empal teu apal cara jeung bahana. Kusabab kacida hayangna kana Empal, jauh-jauh oge kapaksa ngadatangan Dede Syarif sobatna. Kacaturkeun geus paduhareupan jeung sobatna.

Gan Reza : Cik, sugan di dinya apal kana resep nyieun empal.

Dede Syarif : Cetek nu kitumah, siapkeun daging sapi sacukupna,
laja dua sihung, sereh dua tangkal, pedes sacanggeum, gula satengah gandu, uyah saparapat gandau, awi sabebek jeung tambang sadepa. Carana : daging dikulub heula, mun katara hipu, gancang jait, tuluy eta daging diprek-prekan nepi ka bubuk, sanggeus kitu asupkeun kana katel, bungbu nu disebutkeun tadi galokeun.

Gan Reza : Ke..! Ke..! Ari awi jeung tambang keur naon?

Dede Syarif : Keur nalian, jeung ngababuk nu rek nyoro empal.

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top