0
Keur rame-ramena Perang Teluk, loba tentara asing nu kalibet perang, diantarana tentara ti Indonesia. Kabeneran eta soldadu teh bibit buitna ti Ciborelang. Eta Soldadu diterjunkeun di tengah sagara keusik, barang jrut kana lemah kasampak aya tentara ti Afrika, awakna hideung pikagilaeun.

Eta tentara Afrika ngokangkeun bedilna ka soldadu Urang Cibolerang, saterusna ngancam, “He..! ente kudu nurut kana kahayang kula, ente kudu metot suku onta, nepi ka bujur eta onta kadongkang ku bobogaan ana, ana geus teu tahan, ana hanaang ku syahwat, sabab, geus dua taun ana teu papanggih jeung bikang, hayoh geuwat!”

Nyaritana teh bari sesentak tur ngamang-ngamang-ngamang bedil. Tumibana ka tentara urang, awakna ngahodhod, bujurna kokompodan, kusabab sieun, nya nurut kana kahayang si tentara Afrika tea. Kakara ge nepi ka tempat onta, teu kanyahoan aya nu terjun sasab, mangkaning pangawakanana awewe.

Ninggali keureut beungeutnamah moal salah eta awewe nu sial teh urang Amerika. Palangsiang, eta awewe pasti diperkosa ku si negro. Enya bae barang jrut, si awewe urang Amerika ditodong ku bedil ku si negro.

“Kabeneran, ana keur hanaang ku syahwat, kari-kari aya andika ka dieu, wayahna sagala kahayang kula kudu diturut ku andika, ngarti?”

Ngomongna sesentak, pikagilaeun. Si awewe urang Amerika katingali pias, ngomongna ngadegdeg.

“Ampun, kula sanggup nedunan kana kahayang andika, asal tong dipaehan bae,” ceuk eta mojang Amerika pasrah.

“Sukur, ayeuna geuwat bantuan tuh soldadu Indonesia, ti tatadi teu metu merod suku onta, sugan dibantu ku andikamah, eta suku onta bisa katarik, gancang! Kula geus teu tahan.”

“Dasar uteukna geus kana onta, aya mojang nu mencrang oge, tetep bae napsuna kana onta,” ceuk soldadu urang Ciborelang bari kukulutus.

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top