0
Jaman baheula-baheula ge baheula deui aya hiji lembur anu gegek jiwana. Pangeusi eta lembur, meh kabeh jelema carukup. Demi pangupajiwana kana karajinan ngabatik.

Kacaritakeun di eta lembur aya hiji randa boga anak awewe ngaran Marini. Nyi Marini ku indungna pohara dipiasihna, lantaran rajin jeung suhud ngabantuan pagawean indungna. Pagawean di dapur jeung di imah kabeh ditangkes ku manehna. Malah kalan-kalan Nyi Marini sok ngabantuan indungna ngabatik.

Dina hiji poe indungna meunang ondangan ti tatanggana nu rek ngawinkeun anakna awewe. Nyi Marini ku indungna meunang milu ka ondangan. Manehna kacida atoheunana, lantaran bakal make baju alus jeung make samping weuteuh, meunang ngabatik indungna. Tapi aya kasusahna, lantaran manehna teu bogaeun cucuk gelung.

Sapeupeuting, henteu boga cucuk gelung keur pakeeun isuk ka ondangan teh, jadi pikiran Nyi Marini. Manehna diuk hareupeun jandela, bari neuteup bentang-bentang nu tingkaretip di langit.

Di jero hatena manehna ngecewis, “Mana teuing senangna mun aing boga bentang pikeun cucuk gelung.” Karek oge mikir kitu, ujug-ujug aya nu ngempur cahayaan ragrag kana lahunanana.

Nyi Marini kageteun pisan, turug-turug kadenge ku manehna aya sora tan katingalan, “Marini, ieu bentang nu dipikayang ku maneh pikeun cucuk gelung tea. Heug geura pake isuk kana pesta kawinan batur maneh, lantaran maneh budak rajin jeung hade ka indung. Tapi maneh teu meunang ngomong sombong atawa boga pikiran sombong, ieu bentang baris leungit teu puguh-puguh.”

Nyi Marini kacida atoheunana, dina hatena jangji, yen moal boga pikiran jeung ngomong sombong.

Isukna, Marini make cucuk gelung bentang tea. Manehna katenjona geulis pisan sarta cahayaan. Kabeh nu aya di dinya ngarasa heran. Nyi Marini leuwih diperhatikeun ku sarerea ti batan panganten. Babaturanana kabeh muji kageulisanana.

Ku lantaran kitu, manehna mikir, “Kacida senangna dipuji-puji ku babaturan, ngan aing sorangan nu panggeulisna lantaran make cucuk gelung bentang. Karek oge mikir kitu, cucuk gelung bentang teh ujug-ujug leungit.

“Ih Marini, geuning leungit cucuk gelung maneh teh,” ceuk salasaurang baturna.

Marini kageteun pisan, manehna kakara ingeteun yen manehna boga pikiran sombong. Pohara manehna hanjakaleunana.

Kabeh jelema nu aya dina eta pesta mangneangankeun cucuk gelung nu leungit tea, nepi ka papakeanana kalotor, tapi nu leungit weleh teu kapanggih. Ningal kitu, Nyi Marini pohara karunyaeunana ka maranehanana. Di jero hatena manehna jangji, nu manggihkeun baris dipersen, itung-itung mulang tarima.

“Ieu Marini, cucuk gelung maneh teh kapanggih!” ceuk salasaurang baturna.

Nyi Marini pohara atoheunana. Tuluy manehna nyalukan batur-baturna. Ku manehna dicaritakeun asal-usulna eta cucuk gelung bentang teh.

Satuluyna manehna nyarita kieu, “Ayeuna kuring embung make cucuk gelung bentang sosoranganan, tapi rek dibagikeun ambeh dipake ku sarerea babarengan.”

Sanggeus ngomong kitu, tuluy eta cucuk gelung bentang teh dibantingkeun nepi ka remuk. Tuluy eta reremukan teh haliber, jadi nu ayeuna disebut CIKA-CIKA, cenah!

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top