0
Ceuk kolot mun lalajo wayang golek poma ulah balik mun ki dalang can cacap nutugkeun carita. Mun di pungpang atawa ngalanggar kana eta caritaan bakal dipegat ku sandekala.

Eta oge lain teu inget kana eta caritaan, balik soteh inget kana dagangan nu kudu diiderkeun ka pasar subuh-subuh. Matak Jang Usro maksakeun balik jam dua welas peuting dina tengah garapan dalang.

Mangkaning jalan sorangeun teh ngaliwatan leuweung gerotan, leumpangna digancangkeun, beuki deukeut ka leuweung, sora sasatoan beuki atra kadenge, manuk sit incuing, jeung koreak disada matak kukurayeun bulu punduk. Papadaning kitu Jang Usro ngawani-wani maneh, teu kanyahoan samemehna ana gajleng teh maung gede ngajleng ka hareupeun jajalaneun pisan. Arek lumpat pasti katewak, ngalawan lain lawaneun, pamustungan Jang Usro ngudupruk ngadunga.
Aya sapuluh menit ngado’ana teh, tapi aneh eta Maung teu gep ngerekeb. Bakat ku atoh manehna sujud Syukur, tuluy nyarita :

Jang Usro : Nuhun gusti, sim abdi dipendakeun sareng maung soleh, ti batan ngerekeb abdi, katembong anjeuna ngadunga.

Maung : Enya bener pisan, kuring teh kaabus maung pang solehna, dimana kuring manggih hakaneun, saencana ngahakan sok ngado’a heula.

Ngadenge kitu jang Usro kapiuhan.

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top