“Pak Dokter, Pak Dokter, rerencangan sakamar abdi beuki maceuh wae,” ceuk salah saurang pasen rumah sakit jiwa ka dokter jaga.
“Beuki maceuh kumaha kitu, Jang?” dokter nanya. Geus maju ka cageur tangtuna oge anu ieu mah, da geuning make bisa laporan sagala.
“Manehna teh naek kana meja bari gogorowokan, Aing teh lampu anu nyaangan ieu kamar. Kitu weh teras meni gandeng.”
“Har, atuh meureun engke jadi poek di kamar teh!” ceuk anu mawa laporan.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar