Panguji : “Ayeuna giliran Regu A. Domba kaasup sato mamalia, oray kaasup reptilia. Ari munding edan kaasup sato naon?”
Regu A : “Mamalia.”
Panguji : “Salah. Munding edan kaasup sato ngabahayakeun. Ayeuna Regu B. Mobil maju make bensin, lauk ngambekan nana make asang. Ari jalma nginum obat make naon?”
Regu B : “Make sendok.”
Panguji : “Salah. Jalma nginum obat batuk make aturan. Ayeuna Regu C. Naon sababna Pangeran Dipenogoro bisa ditangkep ku tentara Walanda?”
Regu C : “Sabab dilicikan.”
Panguji : “Salah. Pangeran Dipenogoro bisa ditangkep ku tentara walanda sabab geus tepi kana takdirna.”
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar