Geus aya meureun kana sabulana “UDIN KAGET” anak cikal Bah Renggo nu kakara umur dalapan taun unggal unggal jam dua welas peuting nyaring, malah sok parat nepi ka Subuh. Dina nyaringna teh menekung bari kunyam-kunyem.
Kalakuan anakna saperti kitu teh pikeun Abah Renggo ngarasa atoh, tapi gegedenamah hariwang boa-boa anak aing keuna ku pangheureuy deungeun ceuk gerentes angena. Ku sabab bisi matak picilakeuan abah renggo geuwat mariksa anakna :
Abah Renggo : Sujang Kunaon bet sasarianeun loba hudang peuting? Mun aya kahayang geuwat tepikeun ka Abah ayeuna.
Abah Renggo : Hayang naon maneh teh? bet bebeakean.
Udin Kaget : Hayang.. ibu kota Jawa Barat pindah ka Garut.
Abah Renggo : Lahuta pisan siah kahayang teh! Na naon nu jadi sababna?
Udin Kaget : Eta tadi Abah, waktos ngalebetan soal ulangan, soalna teh : Kota naon ibu kotana Jawa Barat? Ujang ngawaler Garut, tah ku kituna Ujang ngado’a sangkan ibu kota Jawa Barat ngalih ka Garut.
Abah Renggo : Kasebelan siah!
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar