Gunung teu beunang dilebur
Lebak teu beunang diruksak
Larangan teu beunang dirempak
Buyut teu beunang diobah
Lojor teu beunang dipotong
Pondok teu beunang disambung
Nyaur kudu diukur
Nyabdana kudu diundang
Ulah ngomong sagete-gete
Ulah lemek sadaek-daek
Ulah maling papayungan
Ulah zinah papacangan
Kudu ngadek sacekna
Kudu nilas saplasna
Mipit kudu amit
Ngala kudu menta
Ngeduk cikur kudu mihatur
Nyokel jahe kudu micarek
Ngagedag kudu bewara
Weduk teu kalawan diajug
Bedas teu kalawan dimomotan
Nu lain kudu dilainkeun
Nu ulah kudu diulahhkeun
Nu enya kudu dienyakeun
Ulah cueut kanu beureum
Ulah ponteng kanu koneng
Karana lamun dirempak
Matak burung jadi ratu
Matak edan jadi menak
Matak pupul pangaweruh
Matak hambar komara
Matak teu mahi juritna
Matak teu jaya parangna
Matak sangar ka nagara
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar